CONTOH DRAMA BAHASA SUNDA 6 ORANG
KAHADEAN HARGANA TEU KALINTANG KU
BENDA
Rengse sakola. Irwan jeng Daus balik ka
imahna nu sewang-sewangan tapi imahna tatanggaan. Daus geus teu tahan terus
manehna ngompol dihandapeun tangkal kai gede.
Daus
: wan urang ngompol hela nya geus teu
tahan yeuh!
Irwan
: nya gewatkeun ke indung urang nyarekan
geura da urang balikna telat.!
Daus
: nya he’eh. Cerewed pisan indung maneh
nya. Ha…ha….!
sangges kitu irwan manggih hiji barang
di deket tangkal buah.
Irwan
: naon eta nya? Rongsokan jiganamah. Lumayan
kan ke bias di jual ka si daus. Hehe!
Sangges kitu daus nyusul ka irwan.
Daus
: naon eta? loket? Loket saha? Dimana
maneh manggihna? Iraha menangna? Oh.. maneh maling nya!!!!
Irwan
: naon si maneh ih . nanyana hiji-hiji
gera. Bingung urang ngajawabna! Urang manggih loket didieu. Urangge teu nyaho
ieu loket saha??. Urang muka ge acan!
Daus
: buka atuh gewatkeun loketna!
Irwan : nya ke sakedeng!
Irwan
jeng daus : waaaaaaawh. Aya
duitna !!
Irwan
: aya KTP na alias Kartu Tanda Pelajar!
Daus : enya. sigana KTP nu boga loket ieu!
Irwan : nya alamatna jigana teu jauh tidieu yu
urang balikeun!
Daus : ulah lah! Jang naon dibalikeun ge euweuh
untungna jang urang! Mending urang pake bae duitna! Bagi dua be kumaha?
Irwan
: embung ah. Gelo maneh mah. Eta teh
dosa! Kumaha lamun nu boga dompet keur bingung neangan dompetna?
Daus : ngefek emang jang urang!! Titah saha
taledor? Salahna ieuh! Dompet ieu kan geus jadi milik urang jadi pake be duitna!
Irwan
: enya nya. Bagi dua be atuh duitna! Geus
balik yu!
Terus
irwan jeng daus balik ka imahna sewing-sewangan. Teu lila daus dating ka imah
Irwan.
Rek ngajak irwan ulin.
Daus : irwan, irwan ulin yu!
Uswan
: eh aya daus! Lebet de! Irwan na nuju di piwarang bapana ngerjakeun PR hela
nembe wios ameng!
Daus
: hun mang. nuhunya.
Uswan
: daus bade ngaleueut naon? Ke ku aang pangadamelkeun!
Daus
: teu kedah mang. Ke ngarepotkeun!
Uswan
: henteu. Ngan ngadamel cai. Kecuali lamun emang piwarang ngerjakeun PR anjeun
kakara ngarepotkeun
Daus : hahahaha emang mah tiasa bae. Jus
stroberi be mang!
Uswan : oh uhun antosan sakedap nya!
terus dating bapana Irwan ngomong jeung
daus.
Iday
: eh aya daus.
Daus : hun mang. Kumaha damang?
Iday
: Alhamdulillah.bade ngajak irwan
ameng nya?
Daus
: mmm hun mang. Mang abdi wios naros
teu?
Iday : wios bade naros naon?
Daus
: kunaonirwan ngerjakeun PR na ayena
kan wengi ge tiasa!
Iday : hun sih. Tapi mun wengi irwan na sok
kaboboan jadina repot be!
Daus
: oh kitu nya mang. Hun antosan be atuh
hela sakedap nya!
Iday
: hun sok!
Uswan : Daus ieu caina.
Daus : hun mang!
Uswan
: bapak teu kumpulan dih ayena ?
Iday : eh uhun aduh dugi ka hilap kusabab
nyarios jeung daus bae.
Teu lila.
Daus : si irwan lila pisan ngerjakeun PR na
urangge ngerjakeun teu satengah-satengah jam acan.
Irwan
: eh maaf nya lila? PR na loba pisan!
(bari lempang ka hareupeun imah)
daus
: ges ulah loba alesan ngomong be hese
PRna da otask manehmah Pentium hiji!
Irwan : ah ken bae masalah jang maneh.
Diharepen imah irwan jeng daus rek
ngabagi duitnu tadi menag manggih.
Daus
: gewat ih lila pisan!
Irwan
: enya eusina aya 800 rebu mun dibagi
dua berarti 400 rebu ewang tapi aya ATM na deui kumaha??
Daus : keun be teu penting!
teu lila aya ipin dating ka imah irwan.
(babaturana lanceuk irwan)
Ipin
: eh aya irwan jeung daus. Ker naon? Biasana
mah sok nguseup. Eta naon? Duiit saha??
Daus : duit
abi!
Ipin
: teu mungkin. Maraneh masih leutik
keneh. Maenya kolot mere duit saloba kitu! Ku emang rek ditanyakeun ka usman
nya?
Irwan : ieu duit menang manggih di jalan.
Ipin : terus kunaon dibagikeun kieu?
Irwan
: daus nu nitah mang.
Ipin : dieu gera nempo (bari mariksa dompet
eta) ieu aya Kartu Tanda Pelajar na. kan bias ditempo alamatna. Tuh teu jauh
alamatna tidieu!
Irwan
: tadi mah bade di balikeun ku Irwan.
Tapi cek Daus titah ulah.
Ipin
: gening kitu? Ulah kitu. Eta ngarana
ngadahar hak batur
Irwan
: abi ge tos nyarios ka daus tapi cenah
salah saha taledor.
Ipin
: kusabab kitu balikeun deui dompetna
terus bejaan ulah taledor. Jadikeun eta palajaran keur manehna sangkan ulah
taledor
Daus
: maaf mang abi teu sadar.
Irwan : yu urang balikeun deui dompetna kanu
bogana!
Terus
dau jeng irwan dating ka imah nu boga dompet rek malikeun dompetna.
Daus :
ASSALAMU’ALAIKUM.
Anan
: WAALAIKUMSALLAM. Saha?
Daus
: leres ieu bumina anan nasti
Anan : hun leres aya naon nya? Ieu sahanya?
Irwan : abdi irwan ieu rerencangan abdi daus. Abdi
bade ngauihkeun dompet ieu.
Anan
: dompet ? antosan sakedap bade di cek
hela. Mangga lebet!
Anan asup ka kamerna rek mariksa dompetna.
daus jeng irwan mah diuk bari merhatikeun eusi imah.
Anan
: oh uhun dompet abi ical hatur nuhun
tos di uihkeun. Aranjen mah mani bageur!.
Daus
: ah etamah tos kawajiban abdi.
Irwan
: nya uhun
Anan
: sakali deui hatur nuhun nya.
Irwan
dan daus : nya. Sami sami!
Sangges
kitu terus irwan jeng daus balik ka imah na masing-masing.
Comments
Post a Comment