naskah drama bahasa. sunda si kabayan
Naskah Drama Basa
Sunda
Kabayan Ngala Nangka
(edited by me)
Drama sunda komedi
untuk 5 orang.
Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan
teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan
nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung nyamperkeun
Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Iteung : (Ngagangguan Kabayan) Kang, hayu atuh pang
alakeun Nangka kanggo Iteung!
Kabayan : (Melek hiji
soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan. Akang teh tunduh
keneh!
Iteung : (Ngambek) Huh, si Akang mah teu sayang ka
Iteung!
Kabayan : (Ngorok)
Saking keheulna, Nyi Iteung angkat
ka bumi emakna Kabayan. Sanepina di bumi emakna Kabayan.
Iteung : (Lumpat
sabari ceurik langsung nangkeup emak) Emaaakkkkk....
Emak Kabayan : (Reuwas) Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?
Iteung : Eta, Ma! Si Kabayan! Kuring teh ngidam, hoyong
pisan Nangka, tapina manehna tara daek pangalakeun!
Emak Kabayan : Geus tong ceurik atuh! Keun weh, Emak nu
ngomong ka si Kabayan!
Emak sareng Iteung balik ka imah
Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng Iteung ningali Kabayan nu sare
keneh dina bale.
Emak Kabayan : Heh! Kabayan, kebluk! Hudang sia!
Kabayan : Naon sih mak? Isuk-isuk geus adat-adatan!
Emak Kabayan : Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil, ngidam
Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu puguh!
Kabayan : Heueuh mak, sakedeung deui dipangalakeun!
Emak Kabayan : Buru! Ayeuna geura mangkat neangan Nangka!
Nu kolot nya, Nangkana!
Kabayan : (Hudang) Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!
Kabayan mangkat neangan Nangka.
Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur buahan teh dimana. Sapanjang
jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna manehna manggih hiji tangkal
Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan : Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui
Nangkana!
Kabayan langsung naek ka tangkal
Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila anu boga kebon datang.
Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.
Kabayan : Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida
galakna deui!
Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di
tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.
Kabayan : Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur
heula!
Nangka teh kabawa palid ku cai, teu
lila, nu boga kebon datang.
Nyi Ndit : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek
maling?
Kabayan : Henteu Nyai.
Nyi Ndit : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Kabayan : Bener Nyai, teu bohong!
Nyi Ndit : Demi naon sia, Kabayan?
Kabayan : Demi Nyi Iteung, Nyai!
Nyi Ndit : Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu
jeung urang! Urang ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet!
Sok mana barang buktina!
Nyi Ndit : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura
mangkat, sia! Ulah kadieu deui!
Kabayan : (Lumpat) Dadah, Nyai!!
Kabayan balik ka imahna. Dipapag ku
Emak jeung Iteung.
Iteung : Euleuh, akang! Tos dongkap?
Emak Kabayan : Meunang teu Nangka teh?
Kabayan : Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!
Iteung : Mana atuh Nangkana, Kang?
Kabayan : Hoh? Can nepi eta Nangka?
Emak Kabayan : Hah? Nepi kumaha, Kabayan?
Kabayan : Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku
kuring! Geuningan can nepi? Apan eta Nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho
jalan balik!
Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu
nyaho jalan balik!
Emak Kabayan : Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa
balik sorangan! Teu hideng!
Kabayan : Yeuh, si Nangka nu teu
hideng mah, Mak!
Emak Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet
kos sia!
Emak langsung mangkat. Kabayan
sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi, tapi Nangkana teu
datang-datang.
Comments
Post a Comment